Bewara Kiwari

Selasa, 10 April 2012

Ngaguar Nabi Nuh Dina Kecap Basa Sunda



NGAGUAR NABI NUH
DINA KECAP BASA SUNDA


Nabi Nuh A.s. nyaéta hiji Nabi katurunan nabi Idris A.s. Kecap Nuh geus kaungger ngarana saloba 58 kali dina 48 ayat dina 9 buku Alkitab Tarjamahan anyar jeung kasebut 43 kali dina al-Qur’an. Fenoma ngaran Nuh geus jadi buah carita disagala ranah kahirupan umat manusa, Kamasyurna ngaran Nuh disakuliah dunya kusabab kisah fenomenalna ngenaan banjir bah nu kungsi ngeueum daratan-daratan di sabudeuereun dunya.
Kecap Nuh dina basa Ibrani ditulis “נוֹחַ”, dina basa Tibérias ditulis “נֹחַ” dina basa Arab ditulis “نوح”, dina basa Sunda ditulis “nuh;”. Arti ngaran Nuh ti sababaraha panalungtik nyebutkeun, diantarana nyaéta Imam as-Suyuti jeung al-Hakim, numutkeun Suyuti ngaran Nuh asalna lain tina basa Arab, tapi tina basa Syria nu artina “syukur” (selalu berterima kasih), sedengkeun Al-Hakim nyebutkeun dingaranan Nuh kusabab kumineng-minengna ceurik, ari ngaran aslinamah nyaéta  Abdul Ghafar (Hamba nu teu kendat-kendatna ngahaturkeun nuhun tinu Maha Pangampura). Nabi Nuh ngagaduhan Garwa nyaéta  Namaha, laki rabina Nabi Nuh sareng Namaha ngalahirkeun opat putra nyaéta  Kanʻān, Yafith, Syam jeung Ham.
Numutkeun kana arti ngaran Nuh di luhur aya kecap dina basa sunda nu sacara lafal jeung arti mibanda karaketan atawa kasaluyuan jeung kecap Nuh, nyaéta kecap “nuh”/Nuhun”. Kecap nuhun mun diartikeun kana basa Indonésia ngabogaan arti “Terimakasih”. Saluyu jeung pamanggihna as-Suyuti jeung al-Hakim. Numutkeun sajarah yén basa Sunda kaasup hiji basa nu umurna geus kolot, ngan can kapanggih ku para panalungtik ti iraha munculna basa Sunda, kusabab nalungtik kamunculan iraha hiji basa mulai diucapkeun jeung saha nu mimiti ngucapkeuanamah saperti néangan jarum dina tumpukan jarami. Kecap nuhun lamun dirarangkenan atawa diiringkeun jeung kecap nu lain saperti dina kecap “hatur nuhun” jeung kecap “nganuhunkeun” bakal mibanda  harti kecap saperti kieu:
  1. Hatur nuhun. Kecap haturnuhun asalna tina dua kecap nyaéta “hatur” jeung “nuhun”. Hatur nyaéta hiji kecap pangiring keur ngalemesan kecap nu diiringna. Kecap “hatur” sacara mandiri ngabogaan arti “méré/bagéa/ngondang”. Jadi haturnuhun mibanda arti nu nyaéta bagéa kanu nuhun nyaéta ngabagéakeun/ngabanggakeun kanu sok syukur.
  2. Nganuhunkeun. Kecap nganuhunkeun ngabogaan arti ngamumulé kanu sok nuhun “nu sok syukur” mun dina basa Indonésia “memberikan ucapan terimakasih pada orang yang dianggap baik/suka berterimakasih”
Kecap nuhun dina basa Arab “نوح” mun ditulis jeung sakalna bakal dibaca “Nuh/Nuhun”. Kecap nuhun diwangun ku lima huruf nyaéta “n-u-h-u-n”. Aya sababaraha kecap dina basa Sunda nu wanguna sarupa jeung kecap nuhun diantarana “buhun, muhun, ruhun jeung suhun”, nu ngabédakeuna ngan huruf-huruf awalna hungkul salian ti étamah huruf nu liana surup nyaéta wanguna “u-h-u-n”. urang tinggali arti kecap-kecap dina basa Sunda nu diwangun ku huruf-huruf “u-h-u-n”, salian ti nuhun :
  1. Buhun. Artina heubeul atawa nu geus lila (sesuatu di masa lalu)
  2. Muhun. Artina enya/ngaenyakeun (iya/meng-iyakan)
  3. Ruhun. Artina awal atawa mimiti (mula-mula)
  4. Suhun. Artina simpen atawa panggul dina luhureun sirah (jungjung di posisi badan yang paling tinggi yaitu kepala)
Kecap-kecap di luhur lamun dirarangkenan boh rarangkén harep, tengah atawa tukang bakal ngandung harti saperti kieu:
  1. Nyuhun. Artina Mawa dina luhureun sirah (membawa sesuatu di atas kepala)
  2. Nyunyuhun. Artina Mindeng nyimpen/mawa dina luhureun sirah (sering membawa sesuatu diatas kepala)
  3. Suhunkeun. Artina Simpen dinu luhur (sirah)/pénta ngandung ismbol kalimah parentah (!) kanu sok/arék méré (simpan di kepala/pinta kepada yang suka/mau memberi)
  4. Sumuhun. Artina ngajunjung enya/ngaenyakeun saenyana (iya/meng-iyakan yang se iya-iyanya)
  1. Nyuhunkeun.  Artina nempatkeun dinu luhur (sirah)/ménta kanu sok méré (simpan di kepala/pinta kepada pemberi)
  2. Suhunan. Artina Hiji sebutan pikeun nu aya di belah luhur (sesuatu yang dianggap atap paling atas)
  3. Karuhun. Artina Nu awal atawa nu mimiti (nenek moyang)
Rupana, salah sahiji kaunikan dina basa Sunda lamun aya kecap nu jumlahna 5 huruf sarta hurup katilu jeung kalimana mangrupa huruf h jeung n (…-…h…-…n) moal mungkin vokalna béda pasti vocal na bakal sarua lamun vocal huruf kadua u mangka huruf nu kaopatna gé bakal u saperti dina kecap-kecap di luhur “nuhun, muhun, nuhun, suhun, ruhun” moal bisa kecap nuhun jadi nuhan atawa nihen jeung sajabana, kitu deui mun vokalna a saperti dina kecap “bahan, lahan, tahan” moal bisa vocal na dipariasi jadi “bahin, lahon, atawa tuhan”.
Jadi, kecap Nuh dina basa Sunda dipikawanoh ku kecap Nuhun dilantarankeun ku sababaraha perkara nyaéta:
  1. Saaslina tina artina Nuh mangrupa sebutan “nuhun” (berterimakasih).
  2. Dina Basa sunda kecap Nuh sangkan ngabogaan arti bakal jadi nuhun, sabab lamu ngan tilu hurup teu ngabogaan arti saperti kecap buhun lamun buh hungkul teu aya artina.
  3. Saluyu jeung nu diwartakeun ku al-Qur’an nyaéta “Nuh atawa Nuhun’
Tipalebah dieu saestuna teu nutup kamungkinan, hal éta geus méré gambaran yen urang Sunda geus mikawanoh kanu ngarana nabi Nuh di baheula mula, nu ceuk sawalatara warta tulisan-tulisan aya nu nyebutkeun yén kahirupan nabi Nuh kurang leuwih dina taun 3993-3043 SM, atawa aya ogé nu nyebutkeun yén kahirupan nabi Nuh téh aya dina jaman Plestosén
nyaéta jaman ahir cairna kutub-kutub és di belah kidul jeung kaler nu ngakibatkeun kakeueumna rupa-rupa daratan disabudeuereun dunya kurang leuwing taun 13.000 SM.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar