Bewara Kiwari

Senin, 26 Maret 2012

Pangatik Tina Akar Diluhureun Taneh



Geus ilaharna lamu akar tatangkalan aya dijero taneuh, tapi gening kanyataanana loba oge tatangkalan nu akarna di luhureun taneuh, eta mangrupa hiji tanda yen teu sakabeh sumber kahirupan aya dina jero dada, sok aya nu kaluar dina diri urang, nu antuknya jadi bahaya sabab aurat geus katembong ku alam, maka wawalesna siap-siap jeung cing sabar lamun aya nu merdaya da bongan urang keneh nempatkeun sumber kahirupan ku ditembong-tembong. Baris tidinya sakabeh jalma pasti nyakseni yen akar tatangkalan anu hakikina mah tetep dijero taneuh, mugia urang jaga jeung pirosea, sabab eta akar nu ngabogaan pokal ngusik jeung malikeun urang saacan urang diamprokkeun dina hiji mangsa nu teu diduga.
Ari akar sipatna jalan panangtung bisa nyuburken tangkal bisa oge disuburkeun kutangkal, mangkade nujadi tangkal sing inget kusaha andika teh bisa nangtung tur numuwuhkeun rupa-rupa dahan, daun, kembang katut buah, gera sing arienget lamun dahan katebak angin tuluy runtuh akar mah bakal tetep usaha pikeun ngawangun deui siga mimiti, najan dina jalan-jalan anu hese beleke, tapi anapon bahayana lamun dahan aya nu nyabut nepikeun ka akar-akarna nu hakiki katut dhaja dilana-lana sangkan pana teu anteul deui kana jero taneuh, tanwande eta mangsa teh nyaeta mangsa wekasan, cag nepi kadinya eta lalakon, nu aya ngan tinggal sajarah belegedegna hungkul saperti ngajungkiringna gunung Lalakon atawa tinggal hariringna sora kahirupan nu jumerit hayang hurip tapi geus teu bisa da mangsa geus narik talina, nya nu aya tinggal ngajungkiringkan gunung sada hurip. nya laksana arasup deui kana taneuh tapi lain taneuh nu bihari da taneuhna menang kukumpul para hulu balang dina tempo anu simpe pikeun nutupan kaadigungan tatangkalan, 

Tidak ada komentar:

Posting Komentar