NGAGUAR
NABI NUH
DINA KECAP
BASA SUNDA
Nabi
Nuh A.s. nyaéta hiji Nabi katurunan nabi Idris A.s. Kecap Nuh geus kaungger
ngarana saloba 58 kali dina 48 ayat dina 9 buku Alkitab Tarjamahan anyar jeung
kasebut 43 kali dina al-Qur’an.
Fenoma ngaran Nuh geus jadi buah carita disagala ranah kahirupan umat manusa, Kamasyurna
ngaran Nuh disakuliah dunya kusabab kisah fenomenalna ngenaan banjir bah nu
kungsi ngeueum daratan-daratan di sabudeuereun dunya.
Kecap
Nuh
dina basa Ibrani
ditulis “נוֹחַ”, dina basa Tibérias ditulis “נֹחַ” dina basa Arab ditulis “نوح”, dina basa Sunda ditulis “nuh;”. Arti ngaran Nuh ti sababaraha
panalungtik nyebutkeun, diantarana nyaéta Imam as-Suyuti jeung al-Hakim,
numutkeun Suyuti ngaran Nuh asalna lain tina basa Arab, tapi tina basa Syria nu
artina “syukur” (selalu berterima kasih), sedengkeun Al-Hakim nyebutkeun dingaranan
Nuh kusabab kumineng-minengna ceurik, ari ngaran aslinamah nyaéta Abdul
Ghafar (Hamba nu teu kendat-kendatna ngahaturkeun nuhun tinu Maha
Pangampura). Nabi Nuh ngagaduhan Garwa nyaéta
Namaha, laki rabina
Nabi Nuh sareng Namaha ngalahirkeun opat putra nyaéta Kanʻān, Yafith, Syam jeung Ham.
Numutkeun
kana arti ngaran Nuh di luhur aya kecap dina basa sunda nu sacara lafal jeung
arti mibanda karaketan atawa kasaluyuan jeung kecap Nuh, nyaéta kecap “nuh”/Nuhun”. Kecap
nuhun mun diartikeun kana basa Indonésia ngabogaan arti “Terimakasih”. Saluyu
jeung pamanggihna as-Suyuti jeung al-Hakim. Numutkeun sajarah yén basa Sunda
kaasup hiji basa nu umurna geus kolot, ngan can kapanggih ku para panalungtik
ti iraha munculna basa Sunda, kusabab nalungtik kamunculan iraha hiji basa
mulai diucapkeun jeung saha nu mimiti ngucapkeuanamah saperti néangan jarum
dina tumpukan jarami. Kecap nuhun lamun dirarangkenan atawa diiringkeun jeung
kecap nu lain saperti dina kecap “hatur nuhun” jeung kecap “nganuhunkeun” bakal
mibanda harti kecap saperti kieu:
- Hatur
nuhun. Kecap haturnuhun asalna tina dua kecap
nyaéta “hatur” jeung “nuhun”. Hatur nyaéta hiji kecap pangiring keur ngalemesan
kecap nu diiringna. Kecap “hatur” sacara mandiri ngabogaan arti “méré/bagéa/ngondang”.
Jadi haturnuhun mibanda arti nu nyaéta bagéa kanu nuhun nyaéta ngabagéakeun/ngabanggakeun
kanu sok syukur.
- Nganuhunkeun.
Kecap nganuhunkeun ngabogaan arti ngamumulé kanu sok nuhun “nu sok syukur”
mun dina basa Indonésia “memberikan ucapan terimakasih pada orang yang dianggap
baik/suka berterimakasih”
Kecap
nuhun dina basa Arab “نوح” mun
ditulis jeung sakalna bakal dibaca “Nuh/Nuhun”. Kecap nuhun diwangun ku lima
huruf nyaéta “n-u-h-u-n”. Aya sababaraha kecap dina basa Sunda nu wanguna
sarupa jeung kecap nuhun diantarana “buhun, muhun, ruhun jeung suhun”, nu ngabédakeuna
ngan huruf-huruf awalna hungkul salian ti étamah huruf nu liana surup nyaéta
wanguna “u-h-u-n”. urang tinggali arti kecap-kecap dina basa Sunda nu diwangun ku
huruf-huruf “u-h-u-n”, salian ti nuhun :
- Buhun.
Artina heubeul atawa nu geus lila (sesuatu di masa lalu)
- Muhun.
Artina enya/ngaenyakeun (iya/meng-iyakan)
- Ruhun.
Artina awal atawa mimiti (mula-mula)
- Suhun.
Artina simpen atawa panggul dina luhureun sirah (jungjung di posisi badan yang
paling tinggi yaitu kepala)
Kecap-kecap
di luhur lamun dirarangkenan boh rarangkén harep, tengah atawa tukang bakal
ngandung harti saperti kieu:
- Nyuhun.
Artina Mawa dina luhureun sirah (membawa sesuatu di atas kepala)
- Nyunyuhun.
Artina Mindeng nyimpen/mawa dina luhureun sirah (sering membawa sesuatu
diatas kepala)
- Suhunkeun.
Artina Simpen dinu luhur (sirah)/pénta ngandung
ismbol kalimah parentah (!) kanu sok/arék méré (simpan di kepala/pinta
kepada yang suka/mau memberi)
- Sumuhun.
Artina ngajunjung enya/ngaenyakeun saenyana (iya/meng-iyakan yang se
iya-iyanya)
- Nyuhunkeun.
Artina nempatkeun dinu luhur
(sirah)/ménta kanu sok méré (simpan di kepala/pinta kepada pemberi)
- Suhunan.
Artina Hiji sebutan pikeun nu aya di belah luhur (sesuatu yang dianggap
atap paling atas)
- Karuhun.
Artina Nu awal atawa nu mimiti (nenek moyang)
Rupana,
salah sahiji kaunikan dina basa Sunda lamun aya kecap nu jumlahna 5 huruf sarta
hurup katilu jeung kalimana mangrupa huruf h jeung n (…-…h…-…n) moal mungkin
vokalna béda pasti vocal na bakal sarua lamun vocal huruf kadua u mangka huruf
nu kaopatna gé bakal u saperti dina kecap-kecap di luhur “nuhun, muhun, nuhun, suhun, ruhun” moal bisa kecap nuhun jadi nuhan atawa nihen jeung
sajabana, kitu deui mun vokalna a saperti dina kecap “bahan, lahan, tahan” moal bisa vocal na dipariasi jadi “bahin, lahon, atawa tuhan”.
Jadi,
kecap Nuh dina basa Sunda dipikawanoh
ku kecap Nuhun dilantarankeun ku sababaraha
perkara nyaéta:
- Saaslina
tina artina Nuh mangrupa sebutan “nuhun” (berterimakasih).
- Dina
Basa sunda kecap Nuh sangkan ngabogaan arti bakal jadi nuhun, sabab lamu ngan tilu hurup
teu ngabogaan arti saperti kecap buhun lamun buh hungkul teu aya artina.
- Saluyu
jeung nu diwartakeun ku al-Qur’an nyaéta “Nuh atawa Nuhun’
Tipalebah dieu saestuna teu nutup kamungkinan,
hal éta geus méré gambaran yen urang Sunda geus mikawanoh kanu ngarana nabi Nuh
di baheula mula, nu ceuk sawalatara warta tulisan-tulisan aya nu nyebutkeun yén
kahirupan nabi Nuh kurang leuwih dina taun 3993-3043 SM, atawa aya ogé nu nyebutkeun
yén kahirupan nabi Nuh téh aya dina jaman Plestosén
nyaéta jaman ahir cairna kutub-kutub és
di belah kidul jeung kaler nu ngakibatkeun kakeueumna rupa-rupa daratan
disabudeuereun dunya kurang leuwing taun 13.000 SM.